Hakékat Rétorika



Istilah rétorika numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (1988 :746) nya éta : kaparigelan ngagunakeun basa kalawan éféktif; diajar ngagunakeun basa kalawan éféktif dina karangan; seni pidato nu ngirut sarta ngandung sipat bombastis.
Rétorika raket patalina jeung dialéktika. Dialéktika nya éta babasan nu dipaké dina nyarita pikeun maluruh hiji masalah. Ari dialéktik mah seni mikirna, sangkan sistematis,logis, jeung taliti nu dimimitian ku tésis, antitésis, jeung sintésis.
Sintésis nya éta gabungan tina rupa-rupa hal, wangenan, atawa pamanggih nepi ka ngajanggélék jadi hiji beungkeutan nu sajalan nepi ka bisa katarima ku akal.
Seni atawa kasian dina rétorika ngandung harti kamampuh nyarita kalawan jelas, munel, singget sarta bisa nyugemakeun paregepna. Seni dina rétorika bisa ogé mangrupa kaparigelan milih kekecapan jeung lentong nyarita sangkan hasil nu dipimaksud kalawan merenah tempatna, pas waktuna, sarta ngarojong situasina jeung lawan caturna.
Rétorika kaasup seni nyarita nu didasaran ku pangaweruh nu aya dina diri panyaturna. Aya dua aspek nu perlu diperhatikeun ku saurang panyatur, nya éta pangaweruh ngeunaan basa jeung kamampuh ngagunakeunana sarta pangaweruh ngeunaan objék nu baris ditepikeun ku éta basa nu digunakeunana.
Pangaweruh ngeunaan basa  penting pisan pikeun nepikeun gagasan kalawan merenah, luwes, ngirut, jeung kaharti ku jalma nu diajak nyarita. Saurang panyatur penting ngawasa basa sangkan bisa nyusun picaritaeun kalawan éféktif, ngawasa eusi atawa perkara nu dicaritakeun, jeung ngawasa perkara nu dicaritakeun ngarojong panyatur dina milih pibasaeunana. Cindekna dina rétorika mah saurang panyatur téh kudu weruh kana karakter atawa adat istiadat jalma nu keur diajak nyarita.
Numutkeun Keraf dina Khaerudin jeung Suherman (2013 : 5) nétélakeun yén rétorika téh mangrupa téhnik makéna basa pikeun nepikeun gagasan boh lisan boh tulisan nu didasaran ku pangaweruh ngeunaan nyarita jeung kamampuh nepikeun eusi caritaan kalawan ngéntép seureuh. Dina basa Walanda mah istilah rétorica téh magrupa élmu biantara nu ngandung harti makéna kecap-kecap nu dilengkepan ku gaya basa anu éndah.
Rétorika bisa dicindekkeun nya éta mangrupa hiji tarékah nu dilakukeun panyatur (dina basa lisan) jeung panulis (dina basa tulis) dina milih wangun kekecapan nu dianggap éféktif sangkan paregep atawa nu maca museurkeun panitén kana informasi nu ditepikeun. Jadi hakékat rétorika nya éta kamampuh komunikasi kalawan éféktif nu ngagunakeun basa salaku alatna.

Tujuan Rétorika
Tujuan Rétorika nya éta pikeun timbulna kayakinan pangregep yén naon-naon nu diomongkeun ku panyatur téh ngandung bebeneran. Ngaliwatan rétorika urang bisa ngabina hubungan nu harmonis, tumuwuhna sikep gotong royong, ayana etika nalika nyarita, sarta ayana ajen moral dina komunikasi.

Fungsi Rétorika
 Aristoteles nétélakeun yén rétorika miboga fungsi pikeun :
·        -  Miharep sangkan jalma nu diajak nyarita bisa maham jeung nyindekkeun hiji masalah
·        -  Ngaping kondisi kajiwaan pangregep
·         -  Mingpin jalma dina nganalisis hiji kasus sacara sistematis, éféktif, objéktif, tur persuatif
·         - Ngajarkeun cara efektif pikeun mertahankeun hiji pamadegan (Syafiie dina Khaerudin jeung Suherman, 2013)


Rétorika kacida pentingna dina kahirupan sapopoé lantaran miboga mangpaat pikeun ngaronjatkeun kaparigelan biantara pikeun panyatur jeung pangregepna sorangan, kaparigelan akademik jeung profesionalisme, kaparigelan pikeun komunikasi, kualitas komunikasi nu jaman kiwari leuwih bébas.

Referensi:
Haerudin,Dingding dan Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Biantara

Unsur-Unsur Rétorika

Aliran Rétorika