Sejarah Kamekaran Rétorika



                   A. Rétorika Klasik
Rétorika mimita gumelar jeung mekar dina Jaman Yunani. Harita rétorika mekar dina widang pidato, nu mimiti lumangsung dina rohangan pengadilan. Numutkeun Safi’ie dina Khaerudin jeung Suherman (2013 : 13-14) kira-kira taun 476 SM, Yunani kawéntar tempat lahirna logika jeung tatabasa.
Tokoh nu mimiti mekarkeun rétorika nya éta Corax. Salah sahiji doktrin Corax nu kawéntar nya éta “doctrin general probability”, nya éta doktrin ngeunaan kamungkinan-kamungkinan umum. Doktrin éta tuluy dimekarkeun ku muridna, nu ngaranna Tisias di Yunani.
Dina taun 700 SM, Homer nulis buku nu judulna “Iliad” nu eusina ngeunaan gunem catur dina hiji rundingan para pamingpin di lembaga-lembaga pamaréntahan nu disusun kalawan sistematis. Dina bukuna Homer ngutamakeun ngagunakeun kecap-kecap nu ngandung harti konotatif, diluar ngutamakeun arguméntasi jeung pérsuasi.
Mekarna rétorika jaman harita lantaran yén sistem pamaréntahanna nganut sistem républik, kitu ogé sistem pengadilan sarta sawangan masarakat ngeunaan pendidikan mangaruhan. Rétorika miboga peranan penting dina robahna sistem kahirupan masarakat.

             B.  Rétorika Abad Panengah

Dina abad panengah kahiji (40-500) sistem pamaréntahan Yunani nu asalna républik robah jadi pamaréntahan nu museur kana kakawasaan kaisar. Saprak tidinya kabebasan mikir,debat, jeung kabebasan nyarita lianna nu aya patalina jeung rétorika musnah. Peranan rétorika jaman harita ngageser jadi kagiatan nyarita nu ngutamakeun basa tinimbang eusi, jadi leuwih kana widang seni pintonan. Salah sahiji wangun nu ngagunakeun rétorika nya éta deklamasi.
Abad panengah disebut ogé “abad kegelapan”, kaasup rétorika. Nalika nyebarna agama Kristen, rétorika dianggap salaku seni jahiliah. Pamadegan éta langsung dilawan ku St.Agustinus nu kungsi diajar rétorika saméméh asup Kristen taun 386 (Khaerudin jeung Suherman, 2013).  Ceuk manéhna harita pendeta kudu mahir nyarita pikeun ngajelaskeun kitab nu eusina ayat-ayat suci, ngajelaskeun kagagungan Nu Maha Kawasa, jeung mapatkeun doa-doa.
Dina abad panengah kadua (400-1400), rétorika dimekarkeun di garéja dipaké pikeun seni nyarita dina hutbah. Salah saurang nu kawéntar rétorika dina widang hutbahna harita aya ngaranna Svonarola 91452-1498). Ajalna Svonarola diduruk lantaran manéhna dituduh ngajarkeun aliran nu sesat. Salian ti éta aya ogé tokoh-tokoh sején, diantarana Tertulianus, Lactintius, Aurelius Agustinus, Hironimus, Yohanes Chrisostomus, Paus Urbanus ka-2, Bernadus, jeung Petrus.
Rétorika harita kungsi diasupkeun kana wanda seni liberal jeung jadi bagian tina trivium, nya éta seni kaparigelan skolastik nu diajarkeun di sakola-sakola. Babagianna nya éta aya logika atawa dialektika, grammer, jeung rétorika.

          C.    Jaman Renaisans jeung Humanisme
Jaman Renaisans rétorika geus mekar. Para ahlina nuliskeun eusi ceramah, nyiapkeun bahan pidato, di sagédéngeun éta diterbitkeun buku-buku ngenaan élmu rétorika, dialéktika, seni sastra, filsafat jeung pendidikan.Ciri utamana ayana buku nu medal nya éta Rhetorike and Herenmium (90 M). Jaman ieu geus aya kaédah-kaédah nu nyumponan standar rétorika jaman Yunani-Romawi nya éta invention, arrangement, style, memory, jeung delivery.
Numutkeun Syafiie dina Haerudin jeung Suherman (2013), Salian ti éta di jaman renaisans dipanggihkeunana alat tulis cetak jeung ngésérna kagiatan rétorika, lain ukur rétorika lisan tapi ogé aya rétorika tulisan. Tokoh-tokohna nya éta Poggio Bracciolini (1380-1459), Vala (1407-1457), Philip Melanchthon (1497-1560).
                   D.   Rétorika Modéren
Di jaman ieu loba pisan tokoh anu kasohor, sabab didasaran ku ayana rupa-rupa kajadian “pergerakan” di unggal nagara. Di Inggris rétorita ngandung ucapan anu bisa mangaruhan ka jalma nu ngadéngéna (paregep). Di Prancis aya “Gerakah Humanisme”, tokoh-tokohna nya éta aya Mirebaus (1749-1791), Napoleon Bonaparte (1769-1821), sarta Charles de Gaule (1890-1970). Lamun di nagara Jerman masarakat leutik teu di béré kabébasan pikeun nyarita, sabab di nagarana dikawasa ku para Kaisar. Mulai aya reformasi dipokalan ku Martin Luther, tapi tokoh nu paling populer harita di Jerman nya éta Adolf Hitler nu dina rétorikana ngunggulkeun jeung ngagung-ngagungkeun manéhna sorangan sarta ngagogoréng jeung nyingsieunan lawan-lawan politikna.

                  E.  Rétorika Abad ka-20
Di abad ieu rétorika teu ngan lumangsung di Benua Éropa, tapi ogé di Amérika anu ngulik ngeunaan rétorika. Malah di Amerika di abad ieu geus ngadegkeun paguron luhur nu muka jurusan kajian ngeunaan rétorika. Kamekaran rétorika di Amérika masih aya pangaruh-pangaruh ti jaman klasik jeung modéren. Tokoh nu kawéntar di abad ieu nya éta Theodore Roosevelt, saurang présiden ka-26, nu parigel pisan ngulinkeun kekecapan nepi ka bisa mangaruhan maregep nu ngadéngéna. Tokoh lianna nya éta aya Thomas Trueblood, James Winan, Charles Woolbert, jeung John Fizgerald Kennedy (1917-1963).

Referensi:

Haerudin,Dingding dan Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Biantara

Unsur-Unsur Rétorika

Aliran Rétorika