Biantara



1. Watesan Biantara
Numutkeun Sacadibrata dina Haérudin jeung Suherman (2013) Biantara nya éta nyarita di hareupeun balaréa. Sedengkeun Numutkeun Tarigan dina Haérudin jeung Suherman (2013) netelakeun yén biantara/pidato téh nya éta minangka aksi panyatur pikeun nepikeun hiji hal sacara ngahaja jeung miboga sifat formal. Tujuanna pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran nu dipikaharti ku paregep.
2. Rupa-rupa Biantara
Kulantaran biantara mah miboga sipat nu beba, jadi loba ogé rupa-rupa biantara téh nya éta biantara ngalaporkeun, biantara kakulawargaan, biantara ngayakinkeun, jeung biantara ngarundingkeun. Dumasar sipatna biantara dibagi jadi opat nya éta:
  1. Biantara anu sipatna instruktif nya éta biantara anu sipatna marentah nu ngaregepkeun.
  2. Biantara anu sipatna rékreatif nya éta biantara nu miboga tujuan pikeun ngahibur nu ngaregepkeun.
  3. Biantara nu sipatna persuasif nya éta biantara pikeun némbongkeun hiji pamadegan.
  4. Biantara anu sipatna argumentatif nya éta biantara pikeun ngayakinkeun nu ngaregepkeun.
3. Tujuan Biantara
Tujuan biantara numutkeun Hardinegoro dina Haérudin jeung Suherman (2013) nya éta pikeun méré keterangan atawa mapagahan, nu ditujukeun ka jalma réa atawa diucapkeun di hareupeun jalma réa. Jadi tujuan biantara téh kumaha panyaturna, tapi intina mah nepikeun gagasan atawa informasi ka paregep.
4. Sistematika jeung Metodeu Biantara
Aya sababaraha tahap dina biantara dina nepikeun informasi nya éta:
1)      ngucapkeun salam bubuka,
2)      nepikeun bubuka anu biasa diucapkeun ku ucapan hatur nuhun,
3)      ungkapan kagumbiraan atawa rasa sukur,
4)      nepikeun eusi biantara,
5)      nu diucapkeuné kalawan ngagunakeun basa Sunda nu hadé nurutkeun ejahan basa Sunda,
6)      nepikeun kacindekan eusi biantara sangkan gampang dicangkem ku nu ngaregepkeun, jeung salam panutup.
Aya opat metodeu dina biantara nya éta:
  1. Metodeu impromtu
  2. Metodeu ngapalkeun
  3. Metodeu naskah
  4. Metodeu ékstemporér
5. Ciri-ciri Biantara anu Hadé
Aya sababaraha ciri nu kaasup kana kriteria hadé dina biantara nya éta:
  1. Saklek, nya éta nu ngandung ajén bebeneran.
  2. Jelas, nya éta bisa dipikaharti ku paregep.
  3. Hirup, nya éta biasana dipaké ilustrasi-ilustrasi pikeun mancing paniten.
  4. Ngabogaan tujuan nu jelas, nya éta sangkan paregep bisa ngarti kana tujuan biantara nu ditepikeun ku panyatur.
  5. Ngabogaan gaya klimaks, nya éta sangkan bisa nimbulkeun rasa kapanasaran.
  6. Malikan deui, nya éta méré efek hadé kana ingétan paregep.
  7. Ngandung surprise, ngahudangkeun rasa hayang nyaho paregep.
  8. Ringkes tapi munel, nya éta sangkan eusi biantara teu ngabahas jauh dina pedaran nu geus disusun.
  9. Aya variasi humor, nya éta cara panyatur nepikeun biantara pikeun teu bosen ka paregep.
6. Teknik Muka jeung Nutup Biantara
Bubuka biantara jadi hiji hal anu penting, lantaran dina bubuka bisa jadi kesan munggaran biantara. Resep henteu na, ngirut henteu na hiji biantara gumantung kumaha panyatur nepikeun bubuka nu nyieun paregep panasaran hayang nyaho sagemblengna. Dina bubuka biantara ogé kudu geus aya interaksi jeung paregep misalna tanya jawab, atawa nanya hal naon anu rék ditepikeun.
Dina panutup biantara ogé kudu ngandung hal nu méré kesan salama biantara, dina panutup pangatur kudu nepikeun kacindekkan minangka ngajentrékeun deui ngeunaan poko-poko pikiran biantara kalawan ngagunakeun kalimah anu béda jeung kalimah saméméhna. Hal nu paling penting dina nutup biantara nya éta sasadu menta hampura ka pamiarsa, hal ieu ngajaga bisina aya kekecapan anu matak nyinggung paregep

7. Wangun Biantara
Aya tilu rupa wangun biantara diantarana:
  1. Orasi, nya éta pidato atawa biantara nu ilaharna dilaksanakeun di paguron hulur.
  2. Hutbah, nya éta pidato nu eusina mangrupa wejangan ngeunaan bagbagan agama anu ditepikeun ku hotib di masigit.
  3. Ceramah, nya éta pidato ngeunaan élmu pangaweruh, agama, ekonomi, sosial, budaya jeung séjénna.
8. Numuwuhkeun Karep Pamiarsa
Hadé gorengna biantara gumantung kana karep paregep nalika biantara. Bisa dititenan dina kumaha respon paregep, némbongkeun ekspresi, jempling henteu na, némbongkeun sopan santun anu wajar dina waktu nanya.


RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Unsur-Unsur Rétorika

Aliran Rétorika