Unsur-Unsur Rétorika

Rétorika mangrupa wengkuan tina tilu unsur nu di sebut trivium. Unsur-unsur nu aya dina trivium ngawengku logika, gramatika jeung rétorika. Dumasar kana trivium éta unsur-unsur nu ngawangun rétorika diantarana kayaning dihandap :


       1.      Pedaran
Dina pedaran panyatur kudu miboga kaparigelan dina ngolah kualitas eusi caritaan. Utamana dina milih topik jeung tujuan, sumber topik anu dicokot ku panyatur dina sababaraha sumber, pangalaman pribadi, kaparigelan, pakasaban, atika ogé panyatur ku miboga topik pikeun ngahontal tujuan.
       2.      Gaya Basa
a)      Ngumpamakeun (simile) nya éta gaya basa anu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona: Kawas gang katincak.
b)      Mijalma (personifikasi) nya éta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung nu nyawaan (jalma). Contona: Gunung siga nu ngilu muyung.
c)      Ocon (metanomia), nya éta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salahsahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis. Contona: Jang, pangmeulikeun gudang garam
d)     Ngasor (litotes), nya éta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri tandaning sopan. Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.
e)      Rautan (eufimisme) nya éta rakitan basa nu ngandung maksud ngomah-ngomahan hate batur sangkan teu ngarasa teuing. Contona: Indung bapana geus mulang ka asal (maot).
f)       Lalandian (metafora) nya éta gaya basa nu ngébréhkeun hiji hal ku cara mere panglandi. Contona: Lumpatna siga peucang (gancang).
g)      Raguman (sinékdot) dibagi jadi dua nya éta, (1) Turunan (totem pro parté) nya éta rakitan basa anu nyebut sagemblengna padahal anu dimaksud mah salahsaurang, sawaréh. Contona: Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3; (2) Tunggalan (pars pro toto) nya éta rakitan basa anu nyebut salahsahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna. Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndéng-géndéng ku cangkéng.
h)      Rarahulan (hiperbola) nya éta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun. Contona: Sawahna satungtung deuleu.
i)        Kadalon (pléonasme) nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih. Contona: Anakna kembar sapasang.
j)        Ébréhan (péripraseu) nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun kaayaan hiji barang.
k)      Kahanan, nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun sipat, ciri anu khas kana hiji barang. Contona: Raja leuweung (maung).
l)        Silib (alégori) nya éta sindiran nu eusina dibalibirkeun. Sindir ieu dibagi tilu: (1) Ngomong dua (ironi), (2) ngomong seukeut (sinisme), (3) nyungkun (sarkasme).
m)    Antonomasia, nya éta gaya basa anu dipaké nyebutkeun sipat nu goréng tina ngaran jalma anu nepi ka nélahna. Contona: Si Gembru, Si Tihang listrik.
n)      Éponim, nya éta gaya basa anu dipaké nyebutkeun sipat nu alus tina ngaran jalma. Contona: Kawas Arjuna, Kawas Sri Kandi.
       3.      Komposisi
Dina nepikeun caritaan, panyatur kudu nangtukeun komposisi rétorika anu hadé, komposisi nu hadé aya tilu nya éta:
a.       Dalit (unity), mangrupa hiji beungkeutan anu lengkep ngawengku eusi, tujuan jeung sipat (mood).
b.      Hubungan (cohenrence), nuduhkeun ayana runtuyan nu ngahubungkeun babagéan rétorika.
c.       Jejer caritaan (empasis), nunjukeun panyatur kana bagéan penting anu kudu diperhatikeun.
RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI
 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Biantara

Aliran Rétorika