Dialog
1. Wangenan Dialog Numutkeun élmu komunikasi, dialog ( dialogika ) dina Haerudin, Suherman (2013) nya éta élmu ngeunaan rupa-rupa kagiatan nyaritanu dilakukeun ku papada jalma. Dialog bisa ogé mangrupa karya tulis nu dipidangkeun dina wangun paguneman antara dua tokoh atawa leuwih. Sacara étimologi kecap dialog diwangun ku dua kecap nu asalna tina basa Yunani ( Haerudin, Suherman 2013), nya éta die (dia) nu hartina jalan baku; cara jeung logos nu hartina kecap. Jadi dialog téh ngandung harti kumaha carana jalma ngagunakeun kecap. Tujuan dialog nya éta pikeun ngébréhkeun kateulogisan atawa hal-hal nu teu kahontal ku pikiran pribadi. Jadi kucara dialog bisa ngawangun hiji pamikiran koléktif nu diwangun ku cara babarengan kalawan hasilna original jeung kreatif. Prosés dialog nya éta prosés numuwuhkeun hiji kasadaran mkir koléktif. 2. Prinsip-prinsip...