Rétorika Minangka Élmu



Numutkeun Haérudin jeung Suherman (2013) nétélakeun yén rétorika disawang dina tilu aspék nya éta aspék ontologi, épistimologi jeung aksiologi. Katilu aspék éta miboga kalungguhanna séwang-séwangan.
      1.      Sawangan Ontologi
Dumasar sawangan ontologi objék, poko pasualan, atawa masalah anu dikaji dina rétorika bisa digambarkeun kalawan sistematis. Objékna mangrupa hiji panyatur dina lumangsungna nyarita (manusa), poko pasualanna nya éta hiji kasus anu engkéna jadi sarana minangka udagan awal pikeun nghontal tujuan ahir.
Sacara umum nu jadi objék, poko pasualan atawa masalah téh nya éta manusa jeung caturanana atawa kagiatan nyaritana. Poko-poko pasualan éta téh baris diwatesan jadi sababaraha hal, nya éta:
a.       Sawangan rétorika ka manusa salaku panyatur
1)      Manusa mibaga insting nyarita nu teu dipibanda ku sato. Hartina manusa miboga kaparigelan pikeun ngolah basa jadi alat nyarita(komunikasi).
2)      Manusa salaku mahluk nu ngabogaan simbol. Hartina manusa miboga kamampuh pikeun maham jeung bisa ngagunakeun simbol-simbol pikeun alat komunikasi sapopoé.
3)      Manusa ngabogaan insting étis nu geus kapimilih ti mimiti lahir. Hartina insting étis téh geus raket jeung diri séwang-sewangan ti mimiti lahir nepi ka bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah, nu hade jeung nu goréng, tuluy nyaluyukeun diri di lingkunganana.
4)      Manusa ngabogaan kamampuh kajiwaan, kayaning mikir, ngarasa, imajinasi, kontémplasi, jeung sajabana. Hartina panyatur nalika rék nyarita bisa nganalisis sakur pasualan nu keur disanghareupan sarta bisa milih bahan picaritaeun kalawan merenah. Dina carana nu beda nalika ngébréhkeun lantaran kamampuh mikir, ngarasa, ngimpleng jeung mutolaah pasualan unggal manusa anu teu sarua. Ku anyana bébédaan éta manusa bisa silihrojong dina kamampuhna ogé pangalamanana.
b.      Sawangan manusa kana kagiatan tutur/nyarita
Dina ieu kagiatan mangrupa wujud tingkah laku alamiah manusa salaku mahluk nu béda jeung mahluk séjénna. Manusa disebutna mahluk sosial anu teu bisa leupas tina komunikasi jeung jalma nu séjén. Kagiatan komunikasi disaluyukeun dumasar maksud panyatur dina nepikeun caritaanana. Aya gé panyatur anu nyarita miboga maksud nu rék ditepikeun contona sangkan nu diajak nyarita bisa kapangaruhan, hayang dihormat, diaku, jst. Aya ogé panyatur nu teu miboga maksud dina nyarita atawa ngan ukur saperluna.Ku ayana rétorika, maksud dina nyarita diatur,  kayaning béntés jeung bedasna sora,lentong, kasang tukang waktu, tempat jeung basa nu dipaké nalika nyarita.
c.       Sawangan manusa kana basa
Basa kaasup salahsahiji aspék dina rétorika lantaran basa téh mangrupa simbol mangrupa sora-sora basa dina komunikasi, basa ogé mangrupa alat pikeun manusa bisa ngedalkeun pamaksudan dina nyarita. Nalika nyarita kadang manusa sok miboga harti nu ganda atawa ambigu. Ku elmu rétorika dipiharep sangkan bisa ngungkulan masalah tadi. Lantaran kitu, aya sababaraha aspék nu dikaji dina élmu rétorika, nya éta :
1)      Milih ragam basa
Dina rétorika ditalungtik kumaha cara nyarita sangkan éféktif kalayan merenah luyu jeung tujuan haté nya éta nu ngawengku situasi, wangun tutur, topik caritaan, kaayaan lawan nyarita sarta lingkungan sosialna.
2)      Milih matéri basa
Matéri basa nu dikaji dina élmu rétorika nya éta kecap istilah, babasan, paribasa, kalimah nu saimbang jeung kabutuhan masarakat nu ngagunakeunana.Basa nu dipaké dina kagiatan nyarita dipiharep efektif.
3)      Nata matéri basa
Kalimah nu disusun kudu puguh éntép seureuhna,  sangkan nu diajak nyarita bisa ngarti jeung ngarti kana eusina.
4)      Milih gaya basa
Gaya basa penting pisan dina nyarita pikeun mamanis dina guluyurna carita.
d.      Sawangan rétorika kana topik tutur
Topik tutur mangrupa inti pasualan nu ditepikeun panyatur sarta salah sahiji aspék dina rétorika. Topik tutur bisa diwangun ku buah pikiran, ébréhan rasa, karep, imajinasi, fantasi, cita-cita, pangaweruh, pangalaman diri pribadi atawa jalma lian, jeung lingkungan (mikro atawa makro). Nangtukeun topik tutur kasebut pagawean nu teu gampang. Kamampuh pikeun milih topik caritaan gumantung kana pangaweruh sarta pangalaman nu kungsi dialaman ku panyatur.
e.       Sawangan rétorika kana caritaan
Hiji caritaan disebut hadé lamun éta carita mampuh ngawadahan gagasan sarta bisa ditarima ku paregepna. Dina rétorika diatur kumaha carana panutur nyiapkeun bahan caritaan, milih basana,sarta cara midangkeunnana kalawan efektif.
      2.    Sawangan Épistimologi
Dina rétorika dikaji kumaha cara maluruh jeung netepkeun hiji gagasan. Gagasan éta tina poko masalah anu ogé jadi topik caritaan. Aliran taxonomy nyarankeun dua pamarekan dina mekarkeun topik, nya éta pamarekan ka jero pikeun netepkeun pedaran-pedaran artistic, jeung pamarekan kaluar pikeun netepkeun pedaran-pedaran nonartistic. Dina nata pedaran, dianjurkeun pikeun mertahankeun tilu aspék, nya éta: bubuka, inti (eusi pedaran), jeung panutup.
     3.  Sawangan Aksiologi
a.       Tujuan Rétorika
Tujuan rétorika numutkeun Aristotéles nya éta pikeun alat persuasi. Persuasi nya éta upaya pikeun ngayakinkeun paregep kana bebeneran hiji gagasan tina jejer caritaan (topic tutur) nu ditepikeun ku panyatur.
b.      Pungsi Rétorika
Pungsi rétorika nya éta pikeun nataharkeun sarana komunikasi kalawan hade, nya diantarana pikeun nyiapkeun pangaweruh jeung ngaping calon panutur, sangkan nu jadi panutur lancar dina ngahontal tujuan anu dipihareup. Nurutkeun Aristoteles pungsi rétorika téh pikeun:
    •  Ngaping panutur dina nyokot putusan nu bener.
    • Ngaping panutur dina neuleuman kajiwaanana paregep atawa lawan tutur.
    • Ngaping panutur dina netepkeun pedaran anu artistik jeung nonartistik, sarta
    • Ngaping panutur dina mertahankeun bebeneran ku cara nepikeun pedaran nu asup akal.
c.       Mangpaat Rétorika
Numutkeun Aristoteles aya opat rupa mangpaat rétorika, nya éta:
    • Pikeun nyokot putusan
    • Pikeun milih argument
    • Pikeun mérsuasi
    • Pikeun nyarita rasional.
RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Biantara

Unsur-Unsur Rétorika

Aliran Rétorika