Dialog
1.
Wangenan Dialog
Numutkeun élmu komunikasi, dialog (dialogika)
dina Haerudin, Suherman (2013) nya éta élmu
ngeunaan rupa-rupa kagiatan nyaritanu dilakukeun ku papada jalma. Dialog bisa ogé mangrupa karya tulis nu dipidangkeun
dina wangun paguneman antara dua tokoh atawa leuwih.
Sacara étimologi kecap
dialog diwangun ku dua kecap nu asalna tina basa Yunani (Haerudin, Suherman 2013), nya éta die (dia) nu
hartina jalan baku; cara jeung logos nu hartina kecap. Jadi dialog téh
ngandung harti kumaha carana jalma ngagunakeun kecap.
Tujuan dialog nya éta pikeun
ngébréhkeun kateulogisan atawa hal-hal nu teu kahontal ku pikiran pribadi. Jadi
kucara dialog bisa ngawangun hiji pamikiran koléktif nu diwangun ku cara
babarengan kalawan hasilna original jeung kreatif. Prosés dialog nya éta prosés
numuwuhkeun hiji kasadaran mkir koléktif.
2.
Prinsip-prinsip Dialog
Prinsip dina dialog anu mérénah pisan upama dipaké
dina kagiatan dialog, prinsip dialog sacara umum nya éta:
a. Aya
masalah anu jadi bahan padungdengan.
b. Silih
tukeur informasi jeung pamikiran dina wilayah pangalaman nu béda.
c. Masing-masing
jalma nu kalibet bisa nepikeun jeung narima pamadegan.
d. Nyiptakeun
hubungan harmonis sarta ngupayakeun lajuning laku tina hasil nu geus jadi
kamupakatan.
e. Leuwih
ngutamakéun mikir rasional tinimbang émosional.
3.
Unsur-unsur nu Ngawangun Proses Dialog
Dina ngawangun proses dialog panyatur kudu bisa méré
reaksi ka paregep. Reaksi paregep bisa mangrupa pangrojong, pamadegan,
komentar, saran, koréksi, jeung sajabana. Unsur-unsur dina ngawangun proses
dialog numutkeun Powers dina Tarigan dina Haérudin jeung Suherman (2013) ngawengku
kaparigelan sosial, kaparigelan semantik, kaparigelan fonetik, jeung
kaparigelan vokal.
a. Kaparigelan sosial patalina jeung panyatur kudu
ngébréhkeun naon waé, kumaha cara panyatur nepikeun, iraha nepikeunana jeung di
mana nepikeunana.
b. Kaparigelan semantik patalina jeung kamampuh ogé
kadewasaan panyatur, nya éta kumaha nepikeun eusi haté, gagasan katut sikep
dina milih kekecapan sangakan bisa kaharti kunu ngaregepkeun.
c. Kaparigelan fonemik patalina jeung kumaha carana
ngawangun unsur-unsur fonemis kalawan mérénah.
d. Kaparigelan vocal patalina jeung kamampuh
nyiptakeun pangaruh tina émosi diri nu diébréhkeun ku luhur handapna sora,
lentong, buleud, gentem, jeung bédas launna sora.
4.
Rupa-rupa Wangun Dialog
Rupa-rupa dialog nu kungsi dipikanyaho ku urang di
antarana diskusi panel, brainstorming,
debat, simposium, kolokium, fishbowl,
sidang, buzz group, policy making group, jeung roll play. Istilah-istilah diluhur bisa
dipaké pikeun kagiatan diajar ngajar anu ilaharna disebut model pangajaran kooperatif.
RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung:
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI
Komentar
Posting Komentar