Pamarekan Rétorika
1.
Pamarekan
Ma’na
a. Rétorika
salaku kajian ngeunaan kasalahpahaman jeung cara ngungkulan éta kasalahpahaman.
Dina ngungkulan kasalahpahaman éta panyatur kudu bisa nepikeun caritaan kalawan
hadé tur bisa janggungjawab kana naon anu dituturkeun. Aya paribasa “hadé ku
basa goréng ku basa”.
b. Dina
kagiatan ngaréspon ku cara nganalisis, ngelompokeun jeung ngabandingkeun bisa
jadi cara pikeun eunteung panyatur nalika ngébréhkeun bahan caritaan.
c. Kecap
téh mangrupa simbol. Aya ogé kecap nu ngabogaan tujuan atawa maksud nu tangtu
sok disebut istilah basa émotif.
d. Ma’na
(meaning) anu dipaké ku panyatur nalika nyarita nya éta gumantung kana kasang
tukang panyatur, ogé pangalaman anu pernah disanghareupan.
e. Sanajan
persepsi kana simbol sarta unsur referent sarua, tapi persepsi kana unsur
referent masing-masing mah gumantung kana pangalaman panyatur kana basana.
f. Ngagunakeun
métafora, babandingan penting pisan dina nyarita lantaran bisa leuwih
museurkeun konséntrasi salila komunikasi.
2.
Pamarekan
Ajén
Numutkeun
pamadegan tina sababaraha tokoh rétorika ngeunaan ajén-ajén étika dina rétorika
bisa dicindekkeun jadi tilu nya éta:
a. Étika
bisa disebut pamikiran ngeunaan hiji halsangkan bisa ngabédakeun nu alus jeung
goréng, nu bener jeung nu salah.
b. Rétorika
kudu ninggali kana tilu hal nya éta,
pedaran matéri, némbongkeun rupa-rupa gambaran hasil jeung nimbang-nimbang
pibasaeun.
c. Substansi
rétorika nya éta hasil nalar nu hadé anu dicirian ku tatakrama basana.
3.
Pamarekan
Motif
Nurutkeun
pamikiran Kenneth Burke pamarekan motif dina rétorika nya éta:
a. Motif
jadi panghubung dina jalanna kagiatan rétorika.
b. Référénsi
dina motif rétorika kudu loba sangkan jadi hiji kakuatan dina nepikeun bahan
caritaan.
c. Fungsi
rétorika nya éta kumaha basa anu dipaké ku panyatur dina nepikeun caritaan ka
paregep.
d. Konsép
rétorika nya éta persuasi
e. Perlu
ayana binaan dina nyaluyukeun matéri nu ditepikeun atawa diinformasikeun ku
panyatur sangkan paregep bisa ngarti jeung maham kana bahan caritaan.
4.
Pamarekan
Cara pikeun Nyangking Pangaweruh
Numutkeun Robert Scott, Douglas Enhinger, Way Brockiede, Richarrd D.
rieke, jeung Ernest Borman dina Haéruding jeung Suherman (2013).
- Ambahan (ruang lingkup) rétorika ngawengku sakabeh prosés arguméntasi ti mimiti maluruh nepi ka manggihan matéri, nyusun matéri jeung masalahna, dirojong ku ingetan, dipasieup ku gaya basa, nepi ka midangkeunana kalawan dinamis antara panyatur jeung paregep.
- Sawala atawa debat mangrupa cara anu merenah pikeun rétorika, lantaran ngandung sifat kritis, média pikeun nalaah masalah, sarta bisa dimekarkeun kalawan kooperatif tinimbang kompetitif.
- Kagiatan anu dilakukeun dina rétorika nya éta nyiptakeun bebeneran.
- Rétorika mangrupa jalan pikeun nyangking jeung nyiptakeun pangaweuh jeung bebeneran.
- Kamupakatan intéléktual antara komunikator jeung audien bisa diciptakeun sanggeus prosés rétoris lumangsung dina kagiatan komunikasi.
RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung:
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI
Komentar
Posting Komentar