Pangajaran Nyarita
Numutkeun
teori Mulgrave dina Tarigan (1981:22) netelakeun yén aya sababaraha ragam seni
dina nyarita ngawengku:
1.
Ragam Seni Nyarita
Ragam dina seni nyarita dibagi jadi dua, nya éta
nyarita di hareupeun masarakat umum (public
speaking) jeung nyarita dina kagiatan sawala atawa gempungan husus (conference speaking).
2.
Nyarita dina Pangajaran Basa
Dina pangajaran, nyarita mangrupa kagiatan
komunikasi lisan nu raket
patalina jeung opat kaparigelan basa. Dina aktivitas pembelajaran aya
sababaraha kagiatan nyarita nya
éta :
§ nyarita
pikeun ngébréhkeun pamadegan, gagasan, pangaweruh, jeung kahayang,
§ nyarita
ngeunaan rasa jeung pangalaman,
§ pidato,
ngadongeng,
§ diskusi/sawala,
§ nyarita
dina kalungguhan salaku pangatur acara,
§ ngawawancara,
§ nyarita
dina telepon,
§ ngobrol,
ngawangkong, silihtanya, paguneman, jeung sajabana.
3.
Metodeu Nyarita
Numutkeun
Tarigan dina Haérudin
jeung Suherman (2013) aya opat metodeu nya éta:
- Metodeu ngadadak (improptu) nya éta metodeu nu digunakeun ku cara ngadadak, teu nyiapkeun materi saacanna.
- Metodeu naskah (manuscript) nya éta metodeu nu digunakeun sabari maca naskah ti mimiti nepi ka beres nepikeun informasi.
- Metodeu ngapalkeun (memory) nya éta metodeu nu digunakeun ku cara ngapalkeun materi atawa informasi nu rék ditepikeun salila nyarita.
- Metodeu ekstemporan nya éta metodeu anu digunakeun ku cara sakali-kali ningali kana naskah atawa panyatur sok nuliskeun poin-poin anu pentingna sangkan teu kaliwat naon nu rék ditepikeun.
4.
Metodeu Pangajaran Nyarita
- Metodeu terpimpin
Dina metodeu ieu panyatur kudu bisa maluruh heula
hiji objek picaritaeun, nyaritakeun objek, ngaréproduksi tina hasil bacaan, paguneman
dialog nu diterangkeun,
latihan nyarita ku cara kaulinan,
nyusun kalimah, nyieun paraprase, ngadongéng,
teknik tembah jeung ngawih, jsté.
- Metodeu semi terpimpin
Dina metodeu ieu panyatur kudu ngareproduksi
informasi tina sumber wacana nu dilisankeun, nyarita dumasar gambar,
nyaritakeun informasi deui informasi ku cara tatalepa, ngalaporkeun deui eusi
bacaan, jeung ngalaporkeun eusi pidato.
- Metodeu bebas
Metodeu bebas hartinya panyatur panyatur bebas
nepikeun naon-naon nu rék dicaritakeun ka paregep. Kagiatanna nya éta pidato,
wawancara, jeung diskusi.
5.
Nyarita dina Babasan jeung Paribasa
Salila nyarita saurang panyatur teu ngan saukur
nepikeun informasi hungkul. Panyatur leuwih boga nilai leuwih nalika ngandung
babasan jeung paribasa nu geus lumrah di budaya Sunda mah siga hadé gogog hadé
tagog, malapah gedang, heuras genggerong, jrrd.
6.
Nyarita jeung Pragmatik
- Bagbagan makéna basa
§ Deixis
nya éta hal anu nuduhkeun naon-naon diluareun basa.
§ Conversional
implicature nya éta bagbagan milih kecap.
§ Presuppotion
nya éta pamikiran atawa panyangja anu aya patalina jeung kamustahilan bisa
kajadian.
§ Speech
act atawa speech event.
§ Conversational
structure nya éta struktur dina paguneman nu bakal béda-béda.
- Aspék-aspék pragmatik
Aya genep aspék pragmatik dina nyarita nya éta aspék
sosialisasi, aspék inteléktual, aspék émosional, aspék informasi faktual, aspék
ngaréngsékeun hiji masalah, jeung aspék moral.
3.
Tatakrama dina nyarita
Teu lepas tina sikep jeung moral, nyarita ogé miboga
tatakrama nu kudu diperhatikeun nalika nyarita. Dina elmu sosiologi basa mah
kaasup kana implikatur paguneman anu nalungtik hiji paguneman atawa komunikasi
nu didadasaran ku gawé
bareng anu hiji jeung nu lianna pada surti nya éta: aturan kuantitas, aturan
kualitas, aturan rélévansi jeung aturan cara.
RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung:
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI
Komentar
Posting Komentar