Rétorika Jeung Komunikasi
Rétorika mangrupa hiji prosés
komunikasi anu dinamis lantaran geus jadi pangabutuh dina kahirupan sapopoé.
Pikeun ngalaksanakeun komunikasi, manusa ngagunakeun basa salaku média. Kajian
rétorika teu ngan saukur dilaksanakeun sacara lisan, tapi ogé aya dina
kagiatan non lisan (tulis). Boh dina komunikasi lisan atawa non lisan (tulisan),
hakékat rétorika mangrupa prosés komunikasi anu miboga sistem (sistematis). Anu
dimaksud sistem nya éta hiji beungkeutan nu ngandung sajumlah komponén, sarta
masing-masing komponén ngabogaan peran jeung fungsi anu tangtu tur nepika
ngawangun hiji organisasi nu éféktif pikeun ngahontal tujuan.
Komponén
prosés rétoris nya éta: 1) panutur (panyatur / panulis), 2) pesen komunikasi,
3) saluran, 4) alam semesta, 5) paregep atawa pamiarsa. Disagédéngeun komponén
tadi, rétorika ngabogaan sajumlahing substansi nya éta: 1) daya nalar nu hadé,
2) matéri prémis, 3) basa, jeung 4) étika. Éta sakabéhna silih ngarojong kana proses
komunikasi.
Dina lumangsungna prosés rétorika
dimimitian ku aksi si panutur nu boga maksud ngalakukeun komunikasi ka paregep.
Sangkan kalaksanakeun, panutur kudu ngawasa sababaraha substansi rétorika nya
éta:
1). Panalaran anu hadé, maksudna sangkan bisa nyusun matéri
nu rék dipidangkeun katut milih jeung nyusun argument;
2). Sajumlahing matéri nu bakal digunakeun dina nepikeun
pesen-pesen;
3). Basa jeung sagala aspékna nu digunakeun salaku wadah
pikeun midangkeun matéri, ide, argument, jeung sajabana dina prosés encoding;
4). Étika nu bakal ngatur sakur perilakuna dina prosés
rétoris.
Ku ngawasana substansi
rétorika nu sumebarna di alam semesta, panutur nangtukeun pesen-pesen nu bakal
ditepikeun dina komunikasi ngaliwatan prosés rétoris. Dina éta pesen ngandung
téma utama anu ngawarnaan jeung ngadadasaran kana sakabéh komunikasi.
Wujud na bisa mangrupa ide, pamadegan, karep, kahayang, perasaan, jeung
informasi.
RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung:
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI
Komentar
Posting Komentar