Nyarita Éféktif
1.
Nyarita Éféktif
Kaéféktifan dina nyarita penting pisan diterapkeun
ku panyatur pikeun
nepikeun informasi. Informasi anu ditepikeun teu kudu Panjang teuing, nu pentingmah dipikaharti ku paregep.
Nyarita nu éféktif nya éta nyarita nu singket, jelas, jentre tujuannana pikeun paregep ngarah maham naon anu ditepikeun ku panyatur. Numutkeun Aristoteles dina Haérudin jeung
Suherman (2013) netelakeun aya
sababaraha unsur penting dina nyarita, nya éta:
- Gagasan utama anu jadi jejer pedaran
- Gaya atawa basa anu digunakeun
- Gagasan-gagasan anu disusunan kalawan éntép seureuhna
- Kumaha cara midangkeunana
- Kamampuh dina nalar
2.
Sikep Nyarita
Salian tina eusi
carita nu rék ditepikeun, saurang panyatur ogé kudu boga sikep anu hadé.
Lantaran nu mimiti ditingali mah biasana sok tina sikepna heula.
Aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun ku
panyatur saméméh nyarita nya éta:
- Pasemon jeung paneuteup
Salila nyarita
panyatur kudu boga pasemon nu hadé, soméah, sarta nembongkeun beungeut nu imut
ulah baeud. Lamun pasemonna hadé biasana pamiarsa gé ngeunah ningalina sarta
ngadatangkeun rasa simpati ti pamiarsa.
- Ninggalikeun gaya basa jeung gerak-gerik anu wajar
Sikep dina nyarita
penting pisan, gerak-gerik panyatur nu wajar, teu kaleuleuwihan, bisa ngarojong
kana kalancaran nepikeun informasi sarta ngagampangkeun dina proses maham kana
eusi. Salila nyarita saurang panyatur
miboga gaya basa nu has dina nepikeun informasi.
- Percaya diri
Kapercayaan diri
mangrupa modal nu penitng pisan pikeun panyatur ngarah dina nalika nyarita teu
ngadegdeg nu matak ngaganggu kana nepikeun informasi. Lamun saurang panyatur
miboga rasa percaya diri geus tangtu boga nilai plus pikeun panyatur.
- Merhatikeun basa nu digunakeun
Panyatur
nalika nyarita kudu bisa milih basa nu hadé jeung cocok pikeun paregep. Kudu
bisa milih tatabasa nu cocok jeung luyu jeung kaayaan tempat, kumaha status
sosialna, saha nu diajak nyarita,jsb.
- Nyangking bahan
Saacan nepikeun
informasi panyatur kudu nangtukeun heula tujuan,topik, bahan, jeung situasi
tempat lumangsungna nyarita. Sabab nyarita miboga tujuan pikeun nepikeun
informasi mangrupa gagasan atawa ide,pesen,jsb.
- Ngawasa pamiarsa/paregep
Salahsahiji ciri
panyatur nu geus ngawasa pamiarsa bisa ditingali tina respon paregep nu siga
unggeuk-unggeuk. Tapi lamun nalika nyarita aya nu ngobrol,ribut,jsb éta cirina
panyatur nu can bisa ngawasa pamiarsa.
- Nyugemakéun pamiarsa/paregep
Kasugemaan paregep ditinggali dina pasemon, budi
parangi atawa sikep anu karasa ku panyatur (respon).
3.
Struktur Bahan Caritaan
Struktur dina nyarita aya tilu hal anu kudu aya nya éta:
- Bubuka
Bubuka dina bahan caritaan bisa mangrupa pangalaman
pribadi panyaturna,. Dina
bubuka kudu nepikeun heula jejer nu rék ditepikeun ngarah paregep ngarasa panasaran kana
bahan caritaan.
- Eusi
Panyatur kudu nataharkeun bahan nu rék ditepikeun ka paregep, aya sababaraha tahap sangkan panyatur gampil dina nangtukeun eusi nya éta:
§ Maluruh
masalah jeung cara ngungkulanana
§ Topikal
§ Spasial
§ Tiori-prakték
§ Testimoni
- Panutup
Dina bagian panutup biasana nepikeun kacindekan eusi caritaan nu geus ditepikeun.
4.
Bangbaluh Nyarita
Aya dua rupa
bangbaluh
nyarita nya éta faktor internal jeung eksternal. Faktor internal nya éta:
mumbling, slurring, fithgeter, jeung lisles. Faktor eksternal nya éta:
lingkungan fisik, kondisi rohangan, kondisi alam jeung media anu digunakeunana.
RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung:
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI
Komentar
Posting Komentar