Hakékat Nyarita


1.      Ngurangan rasa kéder, waswas, jeung gugup dina nyanghareupan jalma;
2.      Ngalatih numuwuhkeun kapercayaan diri;
3.      Ngalatih téhnik sora, artikulasi;
4.      Nyangking daya persuasi;
5.      Ngabina kamampuh pédagogis jeung psikologis;
6.      Nambahan pangaweruh kabeungharan kecap;
7.      Ngabina kamampuh ngaéksprésikeun diri, saperti pasemon jeung gerakan nonvérbal salila nyarita atawa dialog;
8.      Teu apriori jeung mampuh ngahargaan jalma anu keur cacarita;
9.      Ngalancarkeun dina prosés komunikasi;
10.  Teu hésé dina mangaruhan jalma séjén;
11.  Miboga sikep silihajénan;
12.  Mibanda sikep positif ka sasama;
13.  Teu hésé ngayakinkeun jalma réa sabab bisa ngébréhkeun eusi haté atawa buahh pikiran anu singget, jéntré, tur pepel;
14.  Parigel sarta mibanda kakuatan dina mertahankeun pamikiran atawa pamadegan;
15.  Bisa ngabina hubungan nu nguntungkeun kana jabatan, organisasina atawa partéy politikna;
16.  Ngaleugaan pangaweruh hususna ngeunaan sumber informasi;
17.  Teu cupet jeung nutup diri;
18.  Nganteur kana widang interest nu anyar;
19.  Mibanda sikep objéktif jeung toleran;
20.  Lancar dina campur gaul jeung komunikasi papada jalma.

RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Biantara

Unsur-Unsur Rétorika

Aliran Rétorika