Monolog
Monolog nya éta nyarita saarah nu
dilakukeun ku saurang panyatur. Biantara, ceramah, hutbah, orasi, ngadongéng,
maca puisi atawa deklamasi, maca carpon kaasup kana kagiatan monolog.
Monolog asalna tina kecap mono nu
hartina hiji jeung log/logi/logos nu hartina élmu. Sedangkeun kecap monolog numutkeun
M. Echol jeung Hassan Sadily dina Kamus Inggris-Indonesia (385:1988)
miboga harti nyarita sorangan. Upama dipatalikeun jeung kajian élmu terapan nu
ngajarkeun ngeunaan seni nyarita, monolog ngandung harti kagiatan nyarita
pikeun nepikeun kereteg haté , maksud, atawa informasi ti saurang jalma ka
jalma séjén. Dina kahirupan sapopoé, utamana dina widang seni tutur atawa seni
sastra, kecap monolog biasana dipaké pikeun kagiatan seni peran jeung téater.
Charlie
Caplin mangrupa salahsahiji tokoh nu ngagagas monolog. Istilah monolog mimiti
diwanohkeun kira-kira taun 60-an di Hollywood nu mekar jadi sarana seni jeung
téater. Lian ti éta, monolog sok aya dina pintonan film-film komédi, horror
jeung sajabana. Monolog dina seni adegan kayaning drama atawa sandiwara
tunggal biasana midangkeun paguneman ku saurang palaku tunggal anu sok disebut
sandiwara tunggal. Monolog dina seni sastra upamana dina dongéng, carpon, atawa
sajak diwangun ku kecap atawa omongan nu diébréhkeun pikeun ngagambarkeun
kaayaan nu karandapan saurang tokoh, boh dirina boh jalma séjén.
RÉFÉRÉNSI
Haérudin jeung Suherman, (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung:
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI
Komentar
Posting Komentar