Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2018

Dialog

1. Wangenan Dialog         Numutkeun élmu komunikasi, dialog ( dialogika ) dina Haerudin, Suherman (2013) nya éta élmu ngeunaan rupa-rupa kagiatan nyaritanu dilakukeun ku papada jalma. Dialog bisa ogé mangrupa karya tulis nu dipidangkeun dina wangun paguneman antara dua tokoh atawa leuwih.         Sacara étimologi kecap dialog diwangun ku dua kecap nu asalna tina basa Yunani ( Haerudin, Suherman 2013), nya éta die (dia) nu hartina jalan baku; cara jeung logos nu hartina kecap. Jadi dialog téh ngandung harti kumaha carana jalma ngagunakeun kecap.         Tujuan dialog nya éta pikeun ngébréhkeun kateulogisan atawa hal-hal nu teu kahontal ku pikiran pribadi. Jadi kucara dialog bisa ngawangun hiji pamikiran koléktif nu diwangun ku cara babarengan kalawan hasilna original jeung kreatif. Prosés dialog nya éta prosés numuwuhkeun hiji kasadaran mkir koléktif. 2. Prinsip-prinsip...

Kriteria Ajén Nyarita

Dina nyumponan kaparigelan dina nyarita, panyatur kudu ngaliwatan hiji proses evaluasi atawa penilaian. Numutkeun Haérudin jeung Suherman (2013) netelakeun yén hal-hal anu jadi sarat parigel dina nyarita ngawengku sababaraha aspék, di antarana: 1. Nerangkeun poko caritaan. 2. Kacangking henteuna bahan. 3. Sistematika medar bahan. 4. Wirahma/intonasi/lentong nyarita. 5. Lafal. 6. Milih kecap/diksi/kabeungharan kecap. 7. Paselapna kecap tina basa séjén, upamana basa indonesia jeung basa séjénna. 8. Paselapna kalimah tina basa séjén. 9. Tatakrama basa atawa undak-usuk basa. 10. Volume sora. 11. Tagog/rengkuh nyarita. 12. Kontak jeung pamiarsa/ngabagi panempo. 13. Kualitas naskah, ecesna pedaran naskah. 14. Ecesna medar dina nyarita. Aya ogé variasi kriteria pikeun ngukur kamahéran nyarita nya éta : 1.     Aspék kabasaan nu ngawengku intonasi, pelapalan, jeung volume sora 2.     Éksprési nu ngawengku gerak, paramon, jeung ...

Biantara

1. Watesan Biantara Numutkeun Sacadibrata dina Haérudin jeung Suherman (2013) Biantara nya éta nyarita di hareupeun balaréa. Sedengkeun Numutkeun Tarigan dina Haérudin jeung Suherman (2013) netelakeun yén biantara/pidato téh nya éta minangka aksi panyatur pikeun nepikeun hiji hal sacara ngahaja jeung miboga sifat formal. Tujuanna pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran nu dipikaharti ku paregep. 2. Rupa-rupa Biantara Kulantaran biantara mah miboga sipat nu beba, jadi loba ogé rupa-rupa biantara téh nya éta biantara ngalaporkeun, biantara kakulawargaan, biantara ngayakinkeun, jeung biantara ngarundingkeun. Dumasar sipatna biantara dibagi jadi opat nya éta: Biantara anu sipatna instruktif nya éta biantara anu sipatna marentah nu ngaregepkeun. Biantara anu sipatna rékreatif nya éta biantara nu miboga tujuan pikeun ngahibur nu ngaregepkeun. Biantara nu sipatna persuasif nya éta biantara pikeun némbongkeun hiji pamadegan. Biantara anu sipatna argu...

Pangajaran Nyarita

Nu m utkeun teori Mulgrave dina Tarigan (1981:22) netelakeun yén aya sababaraha ragam seni dina nyarita ngawengku: 1. Ragam Seni Nyarita Ragam dina seni nyarita dibagi jadi dua, nya éta nyarita di hareupeun masarakat umum ( public speaking ) jeung nyarita dina kagiatan sawala atawa gempungan husus ( conference speaking ). 2. Nyarita dina Pangajaran Basa Dina pangajaran, nyarita mangrupa kagiatan komunikasi lisan nu raket patalina jeung opat kaparigelan basa. Dina aktivitas pembelajaran aya sababaraha kagiatan nyarita nya éta : §   nyarita pikeun ngébréhkeun pamadegan, gagasan, pangaweruh, jeung kahayang, §   nyarita ngeunaan rasa jeung pangalaman, §   pidato, ngadongeng, §   diskusi/sawala, §   nyarita dina kalungguhan salaku pangatur acara, §   ngawawancara, §   nyarita dina telepon, §   ngobrol, ngawangkong, silihtanya, paguneman, jeung sajabana. 3. Metodeu Nyarita Nu m utkeun Tarigan dina Ha é rudin jeung Suher...